Rabu, 03 Februari 2010

Pepeling


Nangtung di poponclot PLPM ngareret ka beulah kaler, Gunung Bitung lenag herang taya tutuwuhan. Gunung Kancana tinggal nyesa tatangkalan nu aya di nusa, kitu deui sawah lega ibarat tegalan da puguh kagaringan, sawahna ngan tinggal sadampal panangan. Karikil robih nami tina sumber cai kiwari ngajirim tingal gawir nu lungkawing.
Regepkeun ku anjeun :
Gunung kayuan, lamping awian, lebak sawahan, legok balongan, jeung datar imahan. Gunung teu meunang dilebur, lebak teu meunang diruksak, ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi sareuma, sing runtut sauyunan, sabobot sapihanean, mipit kudu amit, ngala kudu menta. Sing kacukcruk walunganana sing kapapay wahanganana. Nete taraje nincak hambalan.

1 komentar: