Senin, 16 Agustus 2010

17 Agustus 2010


Harita lamu teu salah malem senen, waktu kuring keur kelas IV sakola dasar, minangka pang budakna wawakil SD Tambaksari 1 Anu  milu nungguan saung pameran agustusan di desaTambaksari. Lamun teusalahmah haritateh Taun 1985, timimiti siwur, sapu nyere jeung kaulinan jiunan budak di pamerkeun, pon kitu deui hasil hasil tatanen masarakat anu dianggap onjoy jeung alus kabeh di bawa ka pameran. Aya cau nu turuyanan satangtung, gula beureum anu beuratna sakilo sagandu. Malah mang Salki “Alm”, enya mamang kuring mamerkeun sampeu hasil kawinan cenah sampeu karet jeung sampeu manihot anu lamun ditimbangmah aya kana sakintal satengah beuratnateh. Dina eta pameran estuning nu di pamerkeunteh mangrupa hasil kaparigelan masarakat sadesa teuaya anu mamerkeun barang barang ti luar komu deui barang impormah da puguh hasil “kreatif” masarakat satempat geus bisa nyumponan kabutuhan sakumna masarakat. Malah dina malaeman agustusan keneh dipintonkeun Rupa-rupa karinekaan seni masarakat ti unggal kampong, can aya nu ninggalkeun tempat lamun pentas seni can bubar. Masih keneh inget ramena nu lalajo waktu lanceuk kuring jeung babaturan nana mentas ti SMP Tambaksari anu mentaskeun “Lutung Kasarung”. Sanajan kuring acan jeung teupati apal kana nilai seni tapi nganggap eta tontonanteh estu ku ramena, lain ngan ukur hiburan tapi aya niley-niley nu luhur anu jadi tuntunan atawa pibekeleun nu ngabandungan nana.
Nepi ka nincak rumaja, bakat ku hayang ngareuah-reuah acara agustusan, mun teusalah haritateh taun 1992, waktu kuring keur nyuprih pangarti di SMA kuring jeung babaturan kungsi papatungan ngayakeun pameran ( Mun teusalah nu milu papatunganteh Kang Asep Saepurrohman, Kang Asep Rosdiawan, The Iin Riyani, Eros Rosmiati jeung tangtuna oge Kuring Sorangan). Harita Ku bakat baoga kahayang teu ieuh mikiran rek kagantian sabarahatina hasil pameranteh da puguh ieumah ngareuah-reuah.
Nincak kana taun 2010, kuring geus 10 taun di pangumbaraan, ukur ngadenge beja pameranteh aya keneh ngan pinuh ku nu ngajualan barang ti luar malah cuk beja anu bisa dipercaya anu dijualteh estu barang impor ti cina, anu hargana kabeuli kunu duit leutik. Seni oge geus ganti ku kasenian ti luar geus teuaya pentas seni urang..budaya sunda geus leungit kasilih ku budaya ti luar. Pon kitu deui jisim kuring teu milu ieuh ngareuah-reuah agustusan di lembur, lain teuhayang lain teu melang ka babaturan, tapi bongan ayeunamah rumasa diri geus jauh tinggaleun komo kuat ngudagan kana kamajuan nu jadi babaturan.
Tapi palebah dinya kuring nanya ka diri sorangan kunaon naha bet jadi kieu…. saha nu salah? Lamun balik deui ka 25 taun ka tukang kapan sakitu kreatifna jalma nu aya diurang teh. Naha bet ayeuna kieu jadina lir ibarat beurit kalaparan di goah. Diluhur paloba-loba catur, asa aing pang benerna asa aing pang bisana. Hiburan teuaya aling-aling sagala jadi tontona teuaya alat panyaring. Budaya sorangan eleh ku budaya batur. Malah bisa disebut hirup pasiku-siku nu bedas tanaga nu boga dunya, nuhengker ngagoler. Duit Deukeut Dulur jadi babasaan, Nungukumpul dunya teu tolih kanu leutik, batal haram dirempag. Cagg (simkuring)