Sok sanajajan teu sakabeh ahli medis ngaku ka jasa tukang urut, tapi loba masarakat anu butuh ku jasana. Hamper sakabeh tukang olahraga ngaku yen tukang urut nganggap hiji bagian anu teu bisa dipisahkeun tina lalakon hirupna, timimiti juara RT-an nepi ka juara Dunia pasti ngalaman make jasa tukang urut. saperti

Lamun ditilik tina gejalana, dihandap ieu ciri-ciri jama nu keuna ku Panyakit Pegat Urat Kaera :
1. Kandel Kulit Beunguet : kandel kulit beunguteh lain hartina lintuh bayuhyuh tapi ieumah babasaan hungkul.
2. Asa Aing Pang Akangna : Lain pedah turunan pangkolotna tapi Aing kudu leuwih ti batur, da buktina aya anu kaserang ieu panyakit umurna kakara 30 taun tapi kakayaan nana 76 miliar barijeung teupuguh ladang nanaona.
3. “Jauh ka bedug anggang ka dulag”,
4. Teu inget ka umur : asa aing bisa, asa aing boga, teuinget ka temah wadi

Masih ceuk eta panalungtikan tukang urut aya sababaraha cekel gawe anu ber-resiko tinggi keuna ku panyakit diantarana :
1. Pajabat : lain ngan ukur pajabat pamarentah tapi sakabeh pajabat resikona gede katepaan ku ieu panyakit.
2. “Artis”
3. Politikus
4. Pengusaha jrd.
Tapi ieumah ngan ukur panalungtikan tukang urut anu ngan apal kana palebah nyasaran urat, bener jeung henteu namah teulangkung palebah mana ngamaknaana.