Selasa, 15 Maret 2011

Katresana di Pangumbaraan


Sampurasun….

Lieuk eweuh ragap teuaya,

Ngalantung mulungan tanjung
bari metik nagasari
baringung pikir mangpaung
ati ceurik jeung rarisi

Gupay-gupay panineungan kiwari nembongan deui,syair lagu anu ngagambarkeun kaayaan harita medio September 2000 ,masih katingali gupayan leungeun indung nu disarengan pidu'a waktu ngalepaskeun sim kuring ngumbara ka tanah Bogor.Beca anu mawa sim kuring beuki jauh niggalkeun imah anu pinuh ku katineung,teu karasa geus ampir 11 tahun sim kuring ninggalkeun Linggahrja, lebur singkur sisi gunung, wewengkon Ciamis wetan. Tapi endahna Linggaharja masih keneh nyaliara dina hate kuring.Masih kasawang pas balebat gunung anu ngalingkung lembur, endahna tanah kalahiran tintrim ati mantak betah kana manah. Masih keneh kadenge pepejeuh ti kolot anu ngajarkeun panghirupan anu bener. Masih kabayang waktos keur budak mun diingetan matak kaduhung tara ngadengekeun omongan kolot,sabab beuki dieu beuki kabuktikeun,benerna omongan kolot. Tapi sanajan geus kaitung lila sim kuring ngumbara, tapi nepi ka ayeuna masih keneh ngarasa cukleuk leuweung cukleuk lamping, jauh ka sintung kalapa, lieuk dengeun lieuk lain, jauh ka indung ka bapak. Masih keneh nepi ka ayeuna mineng ngarasa nunggelis mun inget ka lembur jeung ka dulur nu aya di imah, sanajan jauh tapi asa aya digigireun jeung di hareupeun. Mangsa pang endahna mun kuring balik ka lembur, sempal guyon jeung dulur, carita mangsa anu geus lawas, duh teu aya bandinganana. Hate ngangras deui mun kuring kudu balik deui ka pangumbaraan. Hayang teuing sim kuring balik deui ka lembur anu geus mere sagalana ka sim kuring, geus usaha tapi hal eta mun ceuk pari basa mah ibarat ngarep-ngarep kalangkang heulang,ngajul bentang ku asiwung, Eta nu matak nyieun hate beuki ngangras. Balik deui ka lembur ngan aya dina implengan,Linggaharja  nu di lingkung ku gunung,Linggaharja  nu heurin ku tangtung, Linggaharja  nu dipigandrung nepi ka iraha moal leungit dina hate jeung implengan kuring.

Nincak kana April 2010, campleng 10 taun rumingkang di panggumbaraan,  lamunan beuki nyawang ka alam katukang mangsa abring abringan jeung babaturan, ngala parab ka lampingan gedogan, maen bal ka lembur babaturan, susurakan gumbira padahal ngan ukur meunang maen bal arawa. Dina bulan eta pisan harepan datang waktu baraya mere beja yen aya harepan geusan hahadean jeung urang lembur, sanajan beda desa, tapi teu jadi pasualan. Estu ku ngagedekeun hate asa enya bakal laksana sanjan kuring masih aya di pangumbaraan. Jeung percaya ka beja ti baraya “yen manehna embung kuciwa nu kaduakalina.” Alatan baraya keneh kuring dibere nomor telepona. Menit jadi ejam, Ejam jadi poe, poe jadi minggu, minggu jadi bulan, estuning waktu anu pinuh ku rumasa jeung harepan ku alatan telepon tea, mun teu kuring nu nelepon anjeuna, ajeuna nu nelepon kuring, sanajan ngan saukur nanya kaayaan sehat jeung henteuna tapi ieu rasa asa beki deukeut jeung anjeuna, harepan asa geus di hareupeun mata yen anjeuna jiga boga rasa anu sarua.
Cunduk waktu nu rahayu, niggang mangsa nu sampurna, niti wanci nu mustari lebaran 1431 H, poe nu karamat poe kameunangan sadaya umat muslim di sakulaih jagat, poe kamenangan tina perang ngalawan hawa napsu, napsu tina sagala hal nu matak ngabatalkeun ibadah. Pon kitu deui  kuring mulang ka linggaharja, mulang mawa kagumbiraan, bungah tepung jeung kolot nu geus sa taun lilanan teu patepung, bungah ku mawa harepan yen kuring pasti tepung jeung anjeuna. Gancangna carita poe eta sapoe deui ka poe lebaran kuring anjang sana ka imah anjeuna, masih keneh inget na pipikiran harita teh manehna keur asak asak nyieun kueh keur lebaran. Someah nu boga imah mantak betah ka nu nyemah, komo ieu nu kasebut papanggih kakara, teu bisa di bohongan hate teh asa beuki gede harepan kuring ka anjeuna. Geus hukum dunya meureun kitu kayaana, buki betah beuki asa karasa nyerelekna waktu teh. Harita teh peuting anu isukna kuring kudu mulang deui ka pangumbaraan, atawa ka lima kalian kuring nepungan ka anjeuna. Geus di niatan ti imah keneh yen kuring rek wakca nyarita ka anjeuna. Gancangna carita kuring wakca nyarita mitresna ka anjeuna, nitip niat ku carita, nitip harepan ku basa, ngahijikeun rasa sanajan jauh padumukan da puguh kuring di pangumbaraan anjeuna di lebur. Kuring ngarasa bungah anjeuna ngajawab ku kalimah “InsyaAlah”, bari di tambah ku bahasa malayu “Kita Jalani Saja”. Sa-jajalan ti lembur ka pangumbaraan teu weleh ngumbar lamunana, asa beurat ninggalkeun lembur, ninggalkeun kolot nu geus rempo, jauh ti babaturan, komo mun ras inget ka manehna waktu kuring kaluar tu imahna bari ngasongkeun dampal leungun lalaunan ngajak sasalaman jiga anu melang di tinggalkeun, lila pacekel-cekel leungun lir ibarat nyarita ulah waka mulang ka pangumbaraan.

Nyerelekna waktu, teukarasa geus rek panceg sa taun ti mimiti kuring kenal ka anjeuna, tapi bet asa aya rasa anu beda, duka naon nu jadi musababna anjeuna teu ngabales sms atawa daek narima telepon ti kuring, Ngan hiji anjeuna mere alesan ..pajarkeunteh males narima telepon ti sasaha. Tapi kuring tetep teu ngarti ku alesan kitu, naha enya ngan saukur males, boa-boa rasa anu kungsi di kedalkeu teh geus kalimpudan ku pangaruh rasa nu lain, ku rasa anu datangna ti pribadi anu beda, ti diri anu ceuk anjeuna leuwuh sampurna, anu bisa mawa ka jalan nu leuwih atra tur lega. Bongan diri kuring rumasa lieuk euweuh ragap teuaya, miskin ku harti, balangsak ku dunya, tapi rasa kanyaah jeung kadeudeuh mah sarua jeung jalma nu liana. Kuring moal poho kana jangji nu kungsi di kedalkeun ka anjeun, sok sanajan jauh teu jadi alesan keur ngalanggar jangji, tinggal kumaha diri anjeun nanya kana pribadi sorangan naon maksudna kalimah InsyaAllah jeung naon hartina “Kita Jalani Saja”. Diri pribadi nampi kana kaputusan ti anjeun asal kedal tina sanubari anjeun. Rumasa aya rasa ka Anjeun ngan emut ku manah saha anu ngamimitian, saha anu mimiti nanya ka baraya kuring?
Kanggo anjeun ………

Pangumbaraan 15 Maret 2011